Jalan Salib Anu Agung (Kidung)
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Jalan salib anu agung Nu jadi pangeling-ngeling Ti Yerusalem ngawitan Nepi ka Gunung Kalpari Gusti Yesus Kristus Raja Gusti anu Maha Suci.
Gusti Yesus anu luhung Gusti Allah mikaasih Anu nandangan sangsara Yerusalem tempat suci Seueur jelema ibadah Nu sembahyang jalan salib.
Abdi sadaya sumujud Sinareng bade ngabakti Sakumaha piwulangna Moal bade mumpung diri Ngiringan jasa Anjeunna Anu miwelas miasih.
Allah Rama Anu Agung Pamugi masihan eling Ka abdi-abdi sadaya Mugi jadi jalmi suci Tebihkeun ti panca baya Anu perlu dipieling.
Panuhun nu kapihaktur Allah anu Maha Suci Mugia salalamina Gusti kersa mikaasih Ka abdi-abdi sadaya Teu kedah di wiji-wiji.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.