Hayu Batur Singkill Maju

Sarankan Edit

Audio tidak tersedia.

Hayu batur singkil maju nohonan panyaur Gusti bela bangsa jeung nagara nu didasaran ka iman sipat jujur sarta adil tihang hirup kumbuh urang wani bela ka nu leutik nya eta korban nu estu.

Kristus lungsur ngemban pancen miwulang umat manusa sangkan sadar kawajiban nyembah bakti ka Pangeran Kristus rawuh seja tandang merangan rereged dunya ngusir kawasa roh jahat toh pati jiwa ragaNa.

Hayu urang muji sukur kana nugraha Pangeran Yesus Kristus korban nyata nu nyalametkeun manusa ku kituna prak pigawe silih bela silih tulung henteu mung ukur ku saur tapi ku korban nu nyata.

Teks kawih bernotasi belum tersedia.