Ibu Maria Nu Agung
Sarankan EditAudio tidak tersedia.
Ibu Maria nu Agung Anu wajib dipieling Ku sadaya pra umatna Parawan nu suci murni Ibuna abdi sadaya Nu kalungsuran Roh Suci.
Nu ngandung Gusti nu Agung Yesus Kristus nu sajati Nu jadi panebus dunya Keur nyaangan lahir batin Kanggo manusa sadaya Supados muji ka Gusti.
Gusti lungsur ti Jeng Ibu Anu mawi dipieling Ku abdi-abdi sadaya Dina nandangan cocobi Mugi Ibu luntur kalbu Nangtayungan ka pra abdi
Duh Maria anu Agung, Mugi abdi dipaparin Bingah tur kawilujengan Pangnedakeun umat Gusti Supados urang nyumponan Kana PangersaNa Gusti.
Teks kawih bernotasi belum tersedia.